Kota Dépok

Indonesia / Jawa Barat / Depok /

Kota Dépok nyaéta hiji kota di Propinsi Jawa Barat, Indonésia. Kota ieu aya di kiduleun Jakarta, nyaéta antara Jakarta-Bogor.

Dépok baheulana mangrupakeun kota kacamatan di wilayah Kabupatén Bogor, nu saterusna meunangkeun status kota administratif dina taun 1982. Ti mimiti 20 April 1999, Dépok ditetepkeun jadi kotamadya (ayeuna: kota) nu misah ti Kabupatén Bogor. Kota Dépok kawengku ku 6 kacamatan, nu dibagi deui kana sababaraha kalurahan.

Dépok mangrupakeun kota pangrojong Jakarta. Nalika jadi kota administratif dina taun 1982, pangeusina ukur 240.000 jiwa, tapi nalika jadi kotamadya dina taun 1999 pangeusina jadi 1,2 yuta jiwa. Universitas Indonésia (kajaba Jurusan Kadokteran Umum) aya di wilayah Kota Dépok.
Nearby cities:
Kordinat:   6°23'18"S   106°49'9"E
  •  16 km
  •  55 km
  •  64 km
  •  73 km
  •  83 km
  •  86 km
  •  128 km
Array