| |||||||
Uloh Ti JayagiriSampurasun,..
Pun,.. Neda Paralun neda pangjaring rumuhun,.. Seja amit ampun neda widi ka Luluhur nu jadi carita ka sakumna,.... Boh nu aya ayeuna, boh nu teu katinggal ku soca lahir,.... Bilihna kalelengkahan, Bilihna Kalalangkungan,.......... Tunggul dirarud catang dirumpak,..... Taya bema krama kasebat kasebit asma,..... Paralun,................... Ka luluhur Sunda, Galuh Galunggung Dayeuh Agung,... Sumedang larang, Limbangan, Timbanganten......... Sembah dalem Rumenggong, Sembah dalem Goparana, Sembah dalem Cikundul,...... Sang Prabu Suryakancana nu sumare di Pakulawagri Nagara Padang,....... Ti Kulonna Surosowan, Ti wetanna Pakungwati, Ti Kidul Satatar Kidul, Ti Kaler Satatar Kaler,.... Ti tengah Satatar Ukur,........... Haturan,............ Bray,.............
| |||||||
|
|||||||